Nga-mc euy
Wilujeung enjing para hadirin sadayana....
Bapa miwah ibu, hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Langkung tipayun sumangga urang nyanggakeun puji sareng syukur ka gusti nu maha
suci. Puji syukur ku rahmat sareng inayah manten-Na, dina danget ieu urang
sadaya dipaparin kasehatan sareng kakiatan, dugi ka tiasa kempel ngariung di
ieu patempatan, dina raraga nyakseni acara paturay tineung sareng ngajurung
laku ka siswa-siswi kelas tilu anu parantos lulus ti ieu sakola, sateuacan
dilangsungna ieu acara sumangga ka ibu rini anu mingpin doa nu tujuanna sangkan
ieu acara mung sing lancar....
Wilujeung enjing bapa miwah ibu, hadirin sadaya, sateuacan
ieu acara dilangsungken, urang sadayana nyanggakeun doa, doa dimulai
(rengse doa)
Hatur nuhun ka ibu rini anu mingpin doa dina acara ieu jeung
hatur sewu nuhun ka bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa
rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pamugi ieu silaturrahmi teh sing
nyandak barokah sareng aya dina rido gusti nu maha ageung. Amin
Hadirin anu sami lenggah! Acara paturuy tineung, anu bade
dituruykeun nyaeta :
1.
Kecap panganteur ti kapala sakola Smp Regina
Pacis
2.
Kecap Panganteur ti perwakilan kelas 9
3.
Pinton seni
4.
Pentas kaulinan Biola ku kevin yatama ti kelas
dalapan
5.
Pentas tari ku sekar kedaton ti kelas tujuh
6.
Pinton seni pidato ku sevita satya ti kelas
salapan
7.
Pinton seni nyanyi ku nathaniel ian ti kelas
dalapan
8.
Games
9.
Nembangkeun lagu mars Regina Pacis
10.
Masihan panghargaan
11.
Panutup doa
12. panutup
Ayeuna samuhun dipersilahkeun ka ibu kapala sakola Smp
Regina Pacis anu bade nyanggakeun sapotong kecap anu bade dihaturkeun mugi-mugi
anu dihaturkeun ka urang sararea sing bisa boga mangpaatna, silahkan ibu
Hatur nuhun ka sekar jeung hadirin anak-anak ibu nu kacinta.... puji syukur ka hadirat gusti nu ageung,
urang sararea kumpul didieu jeung mieling perpisahan kelas salapan, mugi-mugi
kelas salapan kapayuna leuwih hade kalakuanna jeung hade dina sagala rupi
samuhun kitu bae ti ibu, lain ti kelas salapan wae tapi sadayana murid-murid
ibu nu kacinta, amin...
(sadayana ngeprok panangan)
Hatur nuhun ka ibu kapala sakola ayeuna di lanjutkeun ka
perwakilan kelas salapan anu bade nyarios atawa bade disampaikeun ka saderek
urang didieu sumangga naik ka luhur panggung
hadirin sadaya
anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan
rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas salapan.
Henteu karaos parantos
genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal
papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun
rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun
ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru
ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna
kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu
guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi
anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana
kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti gusti nu agung.
Hatur nuhun ka
ka sodara yatama mugi-mugi bermangpaat bagi urang sarerea, abdi teu hilap oge
hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia, kersana bapa nugroho jeung pak julius anu
parantos ngadugikeun biantara laporanana. Salajengna urang sambung ka pinton
seni, sumangga supados naek ka panggung kevin yatama
(rengse pinton
seni kaulinan biola ku kevin yatama kelas dalapan)
Alunan biola anu endah
nu dihaturkeun ku sodara kevin yatama keuna kana hate sanubari, hatur nuhun ka
sodaa kevin yatama, ayeuna penampilan
anu kadua nyaeta ti kelas tujuh anu rek nampilkeun pinton seni tari jaipong, sumangga sodara
sekar naek ka luhur panggung
(rengse pinton seni
tari jaipong ku kevin yatama kelas dalapan)
Gerakan anu kayungyun
jeung endah nu dihaturkeun ku sodara sekar, hatur nuhun ka sodara sekar ayeuna
disambung ku pinton seni pidato ku sodara sevita kelas salapan
(rengse pinton seni
pidato ku sodara evita ti kelas salapan )
Kata-kata nu endah nu
di haturkeun ku soadra sevita ngeunaan hate, hatur nuhun ka sodara sevita,
ayeuna penampilan terakhir pinton seni nyanyi ku sodara nathaniel ian ti kelas
dalapan
(rengse pinton seni
nyanyi ku sodara nathaniel ian ti kelas dalapan)
Sora emas jeung indah
nu dibogaan ku ian ieu ngenaan hate urang sararea,tapi mana sora para hadirin
nu didieu naha barosen ieu teh? meuni jempling kieu, nah ayeuna abdi bade ngayakeun games ameh careria,
sumangetna balik, sok atuh urang mulai nya
(rengse games)
Nah sakedap deui urang
asup ka panutup teu karasa nya geus asup ka panutup, hadirin, minangka tawis
syukur, sumangga urang pada tumungkul ngabandungan hariring lagu mars Regina
pacis anu bade dipintonkeun ku kelompok paduan suara. Saparantosna hariring
mars Regna pacis, ieu acara bade teras ka masihan pangargaan ka kelas salapan
ku kapala sakola Smp Regina Pacis, sumangga kelompok paduan suara dihaturanan
(rengse nembangkeun
lagu mars regina pacis jeung masihan panghargaan)
Hatur nuhun ka ibu
kapala sakola nu atos masihan panghargaan ka kelas salapan, ayeuna disambung ka
panutup doa nu di pingpin ku pak julius, sumangga pak julius dihaturan
(rengse doa)
Bapak miwah ibu, kalih
hadirin sadaya anu sami rawuh! Puji tuhan acara demi acara parantos lekasan, ti
sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa anu kirang
merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa
ngahapunten
(acara rengse)