Translate

Sunday, April 13, 2014

panata acara tema perpisahan



 Nga-mc euy

Wilujeung enjing para hadirin sadayana....
Bapa miwah ibu, hadirin sadaya hormateun sim kuring! Langkung tipayun sumangga urang nyanggakeun puji sareng syukur ka gusti nu maha suci. Puji syukur ku rahmat sareng inayah manten-Na, dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng kakiatan, dugi ka tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga nyakseni acara paturay tineung sareng ngajurung laku ka siswa-siswi kelas tilu anu parantos lulus ti ieu sakola, sateuacan dilangsungna ieu acara sumangga ka ibu rini anu mingpin doa nu tujuanna sangkan ieu acara mung sing lancar....
Wilujeung enjing bapa miwah ibu, hadirin sadaya, sateuacan ieu acara dilangsungken, urang sadayana nyanggakeun doa, doa dimulai
(rengse doa)
Hatur nuhun ka ibu rini anu mingpin doa dina acara ieu jeung hatur sewu nuhun ka bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pamugi ieu silaturrahmi teh sing nyandak barokah sareng aya dina rido gusti nu maha ageung. Amin
Hadirin anu sami lenggah!                                                                                                                                          Acara paturuy tineung, anu bade dituruykeun nyaeta :
1.       Kecap panganteur ti kapala sakola Smp Regina Pacis
2.       Kecap Panganteur ti perwakilan kelas 9
3.       Pinton seni
4.       Pentas kaulinan Biola ku kevin yatama ti kelas dalapan  
5.       Pentas tari ku sekar kedaton ti kelas tujuh
6.       Pinton seni pidato ku sevita satya ti kelas salapan
7.       Pinton seni nyanyi ku nathaniel ian ti kelas dalapan
8.       Games
9.       Nembangkeun lagu mars Regina Pacis
10.   Masihan panghargaan
11.   Panutup doa
12.   panutup
Ayeuna samuhun dipersilahkeun ka ibu kapala sakola Smp Regina Pacis anu bade nyanggakeun sapotong kecap anu bade dihaturkeun mugi-mugi anu dihaturkeun ka urang sararea sing bisa boga mangpaatna, silahkan ibu
Hatur nuhun ka sekar jeung hadirin anak-anak ibu nu kacinta....                                                                    puji syukur ka hadirat gusti nu ageung, urang sararea kumpul didieu jeung mieling perpisahan kelas salapan, mugi-mugi kelas salapan kapayuna leuwih hade kalakuanna jeung hade dina sagala rupi samuhun kitu bae ti ibu, lain ti kelas salapan wae tapi sadayana murid-murid ibu  nu kacinta, amin...
(sadayana ngeprok panangan)
Hatur nuhun ka ibu kapala sakola ayeuna di lanjutkeun ka perwakilan kelas salapan anu bade nyarios atawa bade disampaikeun ka saderek urang didieu sumangga naik ka luhur panggung
hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas salapan.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti gusti nu agung.
Hatur nuhun ka ka sodara yatama mugi-mugi bermangpaat bagi urang sarerea, abdi teu hilap oge hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia, kersana bapa nugroho jeung pak julius anu parantos ngadugikeun biantara laporanana. Salajengna urang sambung ka pinton seni, sumangga supados naek ka panggung kevin yatama
(rengse pinton seni kaulinan biola ku kevin yatama kelas dalapan)
Alunan biola anu endah nu dihaturkeun ku sodara kevin yatama keuna kana hate sanubari, hatur nuhun ka sodaa kevin yatama, ayeuna  penampilan anu kadua nyaeta ti kelas tujuh anu rek nampilkeun  pinton seni tari jaipong, sumangga sodara sekar naek ka luhur panggung
(rengse pinton seni tari jaipong ku kevin yatama kelas dalapan)
Gerakan anu kayungyun jeung endah nu dihaturkeun ku sodara sekar, hatur nuhun ka sodara sekar ayeuna disambung ku pinton seni pidato ku sodara sevita kelas salapan
(rengse pinton seni pidato ku sodara evita ti kelas salapan )
Kata-kata nu endah nu di haturkeun ku soadra sevita ngeunaan hate, hatur nuhun ka sodara sevita, ayeuna penampilan terakhir pinton seni nyanyi ku sodara nathaniel ian ti kelas dalapan
(rengse pinton seni nyanyi ku sodara nathaniel ian ti kelas dalapan)
Sora emas jeung indah nu dibogaan ku ian ieu ngenaan hate urang sararea,tapi mana sora para hadirin nu didieu naha barosen ieu teh? meuni jempling kieu, nah  ayeuna abdi bade ngayakeun games ameh careria, sumangetna balik, sok atuh urang mulai nya
(rengse games)
Nah sakedap deui urang asup ka panutup teu karasa nya geus asup ka panutup, hadirin, minangka tawis syukur, sumangga urang pada tumungkul ngabandungan hariring lagu mars Regina pacis anu bade dipintonkeun ku kelompok paduan suara. Saparantosna hariring mars Regna pacis, ieu acara bade teras ka masihan pangargaan ka kelas salapan ku kapala sakola Smp Regina Pacis, sumangga kelompok paduan suara dihaturanan
(rengse nembangkeun lagu mars regina pacis jeung masihan panghargaan)
Hatur nuhun ka ibu kapala sakola nu atos masihan panghargaan ka kelas salapan, ayeuna disambung ka panutup doa nu di pingpin ku pak julius, sumangga pak julius dihaturan
(rengse doa)
Bapak miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh! Puji tuhan acara demi acara parantos lekasan, ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten
(acara rengse)

No comments:

Post a Comment